B.SUNDA - WARTA


                                                                                          WARTA
                                                           Image result for warta sunda
 Warta nyaeta inpormasi anyar atawa inpormasi ngeunaan hiji kajadian , boh dipidangkeun ngaliwatan media citak , boh dina media elektronik , boh tatalepa sacara lisan ti sungut ka sungut . Ngalaporkeun hiji warta teh mangrupakeun tugas propesi wartawan . 
       Lamun hidep rek nyieun warta , kudu nyoko kana rumus nu geus baku , nyaeta 5W+1H , ngawengku :
1. What (naon) : kajadian naon nu rek diberitakeun .
2. Where (dimana) : dimana tempat kajadianana eta peristiwa
3. When (iraha) : iraha waktu kajadianana 
4. Who (saha) : saha wae anu jadi sumber beritana
5 . Why (naha) : naha eta kajadian teh kudu diberitakeun
6. How (kumaha) : kumaha lumangsungna peristiwa .
Kecap warta téh ngandung harti béja, béwara, atawa informasi. Nepikeun warta hartina nepikeun béja. Kecap warta asalna tina basa Sansekerta, nya éta béja atawa kabar berita. Hidep kungsi ngadéngé kecap kalawarta? Kalawarta ngandung harti warta anu ditepikeun kalawan maneuh dina waktu nu geus ditangtukeun , upamana poéan, mingguan, bulanan. Kalawarta ogé bisa dihartikeun koran, majalah, atawa tabloid.
Kiwari mah warta téh leuwih laluasa tur leuwih canggih ditepikeunana téh, sajaba ti koran, majalah, tabloid, radio, televise, telepon, ogé geus bisa dibandungan dina internet.
Basa nu dipaké pikeun nepikeun warta aya nu ngagunakeun basa Sunda ragam loma, ogé aya nu ngagunakeun ragam lemes. Éta basa nu dipaké pikeun nepikeun warta, boh lisan boh tulisan kudu babari jeung kaharti ku nu bakal narimana.
Tujuan nepikeun warta téh rupa-rupa, di antarana pikeun nepikeun béja, pangajak, iklan, propaganda atawa promosi,  jeung sajabana. Ku lantaran tujuanana ruparupa, nya istilahna ogé rupa-rupa deuih.
Nilik dumasar cara nepikeunana mah warta téh dibagi jadi sababaraha wanda, nyaéta straight news, depth news, soft news, feature, jeung reportase.
Straight news atawa warta langsung, nyaéta warta anu dipidangkeun dumasar kajadian nu sabenerna, teu ditambahan atawa dikurangan kalawan ngagunakeun basa nu lugas ngarah babari kahartina ku nu narima. Éta warta samodél kitu téh sok disebut ogé hard news atawa spot news.
Depth news nyaéta warta anu dipidangkeun sajaba ti nepikeun peristiwa nu sabenerna ogé sok ditambahan ku informasi séjénna nu mangrupa pakta nu aya patalina jeung peristiwa nu keur kajadian. Soft news atawa warta hampang mah teu ngutamakeun pentingna kajadian atawa raména warta, tapi leuwih mentingkeun kana aspék kamanusaanana (human interest). Ari nu disebut human interest nya éta warta anu ngajak mikir, nalar, ngarasa, atawa empati masarakat kana hiji peristiwa.

SUMBER : urangbandung.com

Comments

  1. Saran :Background sama tulisannya harusnya d bedain warnanya kak, baca nya jadi susah sama2 item

    ReplyDelete

Post a Comment

Popular posts from this blog

SENI BUDAYA: SENI MUSIK - MUSIK ORIENTAL

IPS - UANG